ROBOT

Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang.Geus jam 2 beurang can dahar waé, atuh puguh lapar pisan.
“Mah lapar henteu?”,  Abah
“Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu”
“Wah lamun aya  Padang mah ngeunah meureun”
“Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula”
“Tuh aya  nu palayana maké !”
“Enya nya, maké  mah sigana gancang disuguhkeunana”
Kacaritakeun, sup wéh ka   éta.
Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.
Enya waé palayana téh .
 datang ngadeukeutan, pék ngomong :
“What is your nationality?”,  nanya.
“Indonesia”  Abah.
“Selamat datang”,   maké bahasa Indonesia.
“Apa bahasa suku Anda?”,  nanya deui.
“Sunda”,  Abah.
“Wilujeng sumping. Badé pesen naon?”   maké basa Sunda.
“Aya lotek?”,  urut kabogoh nanya ka .
“Aya”
“Pesen dua porsi”
“Porsi ageung  alit?
“Porsi ageung”
“Sabaraha céngékna?”
“Nu hiji dua, nu hiji sapuluh”
“Nganggo kangkung?”
“Enya”
“Nganggo waluh?”
“Enya”
“Nganggo engkol?”
“Enya”
“Badé engkol ti China  asli Jepang?”
“Nu mana waé lah”, Abah mimiti rada ambek.
“Kacangna badé diréndos  di blénder?”
“Kumaha sia !”
“Kacangna setengah mateng  mateng?”
“Goréng sing garing!”
“Nganggo goréng bawang henteu?”
“Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik pisan.
“Dibungkus daun cau  dipiringan?”
“Dipiringan !”
“Lisahna margarine  lisah kalapa?”
“Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna.
 cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira tilu menitan kakara  téh ngomong deui :
“Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan”
“Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?”
“Kumargi teu acan aya jalantahna………..”
“Bisa gélo aing ! Yu Mah indit, teu jadi dahar didieu ah !”
Abah gura-giru indit bari ambek

0 Response to "ROBOT"

Posting Komentar



ShoutMix chat widget